Minggu, 13 November 2016

Sajarah Lembur Cipurut


Sajarah lembur kuring nyaeta lembur nu di ngaranan Cipurut, tepatna di Desa. Cijulang, Kecamatan. Cihaurbeuti, Kabupaten. Ciamis, Jawa Barat. Baheulana lembur kuring di jajah ku gorombolan, lembur kuring di duruk nepi ka ludesna. Tas kitu Cipurut di bangun deui jeung di pertahankeun, teu kungsi lila datang 30 S PKI hayangeun ngalindih jelema nu baleunghar di ieu lembur, tapi teu beunang nepi ka salametna.

Nu ngabangun Agama di lembur kuring teh nyaeta Indra Soma, nepi ka ayana damai, di mimitianna melak pare jeung ngayakeun pertanian contona di leuweung melak kai, pandan di bukbak melak cengkeh.

Naha kunaon lembur kuring di sebut Cipurut? Kusabab ayana Prabu Kian Santang ngaliwat terus cicing di dauwan cirurut atawa istirahat dina handapeun tanggal waregu.

 

2 komentar: